Sabtu, 14 Januari 2012

NGIRUT HATE NU GEULIS


NGIRUT HATE NU GEULIS

Nu geulis dasar nu geulis, tong boro-boro ngobrol lila padeuket, sanajan ukur ningali imut ngagelenyuna ge aduh hate kuring jadi tagiwur, jantung asa rek murag, malah asa rungkad sagala. Meureun kitu aslina nu geulis, ti jauh mah jiga ngagupayan, tapi dideukeutan teu nepi-nepi wae jiga istilahna meuereun “lineuk-lineuk japati” cenah eta ge.
Nu geulis kawanti-wanti, nu endah ngamalik warna lir ibarat bidadari lungsur ti kahiyangan jigana cocok lamun jadi neneh kadeudeuhna Cisewu. Cisewu nu endahna lir ibarat mojang desa nu teu kaismeuan ku kokotor barudak kota nu baragajul geus ngajadikeun hate kuring kapincut, tapi aneh manehna teu kapincut saeutik-eutik acan ku kuring (Pakeukeuh-keukeuh, kuring keukeuh micinta manehna, eh si geulis Cisewu teu mikir-mikir).
Tapi kuring inget kana babasaan, lalaki mah tara gampang nyerah. Ditampa biasa, “ditampi” paranti. Tah ku babasaan ieu, kuring moal eleh kitu wae, moal munur saeutik ge, nepika si geulis kapibanda. Kuring rek nulis surat ngeunaan kabudayaanna, kuring rek make jampe pamakena sapopoe. Sugan jeung sugan Cisewu beuki wanoheun. Nya sabeh ditunamah, sugan we Cisewu geulis kapincut hatena. Kahayang mah kuring bisa ngobrol jeung manehna saban kuring hayang. Cisewu Garut kadeudeuh kuring…..Kuring cinta ka salira! (Komarudin Tasdik)

Mari Kita Wujudkan Cisewu Cinta Menulis,
Silahkan menulis di Blog Perpustakaan Cisewu http://www.gloteccisewu.blogspot.com/

Tidak ada komentar: