Sabtu, 14 Januari 2012

TEU CUKUP NYAWANG KAJAYAAN NU GEUS KALIWAT


TEU CUKUP NYAWANG KAJAYAAN NU GEUS KALIWAT
(Indonesia: Tidak Cukup Mengenang Kejayaan di Masa Lalu)
(English: Not Enough By Remembering Past Big Time Only)

Edisi Bahasa Sunda (Sundanese Edition)

Kahayang urang sunda kiwari geus loba nu nyawang: “Lamun mah lamun, urang Sunda babarengan, tangtu kajayaan Sunda bakal nanjeur.” Sakumaha urang kabeh apal (minimal pernah maca atawa aya beja angin) yen Sunda teh gening pernah jaya saperti jaman Pakuan Pajajaran sakumaha kuring baca di  http://www.kalangsunda.net/apps/forums/show/3357939-sejarah-history.
Inohong Sunda kiwari ngusulkeun sababaraha program pikeun ngamumule bahasa Sunda katut kabudayaanna. Sakumaha urang apal, di Jawa Barat kawajiban diajar basa Sunda geus asup kana kurikulum SD, SMP, jeung SMA. Malahan, para akademisi di sakola-sakola luhur ge teu ngan ngayakeun seminar atawa pelatihan ngenaan kasundaan, tapi kajian ilmiah nu sistematis ge aya, saperti ayana jurusan pasca sarjana Filologi anu mahasiswana bisa nalungtik ngeunaan kasundaan, misalna huruf-huruf sunda ti jaman baheula nepi ka ayeuna, mun teu salah mah aya huruf kuna sagala (hampura kuring ge teu pati apal).
Memang kudu boga hanca. Memang kudu boga program kahareup. Lamun urang ngan ngobrol jeung ngabahas jaman baheula mah bisa jadi urang sombong molongpong, ngarasa panggagahna, padahal eta mah baheula. Nu kuring apal, sajarah mah pikeun eunteung ngarah urang leuwih sumanget nyanghareupan kahirupan nu bakal datang, lain kudu diagul-agul. Mun urang ukur agul ku jaman baheula mah lir ibarat “paeh teu hos hirup teu jung” alias “mati suri” mereun. Kusabab kitu, ayana tulisan-tulisan di Internet geus jadi atoh hate kuring. Sawab ku ngagunakeun ieu media informasi, kuring yakin Sunda bakal bisa dikanyahokeun ku jalma-jalma loba.
Sok sanajan kuring salaku urang Sunda can bisa nanaon pikeun ngamajukeun budaya Sunda, tapi kahayang mah geus rada kuat, tinggal mapag kasempetan sugan jeung sugan daekeun datang ka jalma susah saperi kuring ayeuna.
Rencana kuring ayeuna, saeutik-eutik tapi rutin rek medar kaayaan urang sunda, boh daerahna atawa bahasana, atawa nu sejenna. Kuring hayang nyoba (sanajan can bisa) rek nerjemahkeun Kasundaan kana bahasa Inggris, sugan aya nu butuheun dulur-dulur urang di luar nagri.
Harepan leuwih gede ti luhur mah, kuring hayang urang Sunda bisa babarengan silih bantu. Beja ti angin mah, di lembaga atawa sakola luhur, urang Sunda masih aing-aingan. Malah kadang-kadang poho ka lemah cai, kahayang mah salah ieu beja teh.
Tah sakitu heula tulisan kuring. Hampura bisi loba nu salah. Sapopoe mah ngobrol teh make basa Sunda, tapi mun nulis-nulis loba teuing make basa Indonesia. Jadi sok pagedruk dina ngagunakeun kata-katana. Sakali deui hampura ka dulur-dulur kabeh. Hayu urang nulis ngenaan Kasundaan ti mimiti ayeuna. Prak…..ah! *** (Komarudin Tasdik)
###
Bilih aya artikel perkawis Kasundaan nu palay diterjemahkeun kana basa Inggris atanapi tina basa Inggris kana Sunda/Indonesia mangga nyerat komentar di artikel ieu!

Apabila ada yang membutuhkan terjemahannya dalam bahasa Indonesia/Inggris silahkan tulis komentar di artikel ini!

Tidak ada komentar: